Mapatahan Manéh
Sateuacana hapunten bilih kecap nu dianggo teu merenah, da abdi
rumaos sanés sastrawan anu tiasa ngadamel kecap-kecap anu saé tur gampil diaos.
Kieu nya, sagala ogé aya waktuna, moal gering hiji jalma lamun
acan nepi kana waktuna sakumaha manéhna usaha hayang gering ogé moal dibéré.
Aya waktuna hiji jalma kudu capé, aya waktuna hiji jalma kudu ngarasakeun
beuratna merjuangkeun hirupna. Aya waktuna jalma kari ngasaan sagala kanikmatan
anu geus diusahakeunana. Ulah rungsing keur teu boga duit, ulah hariwang usaha
geus satakerkebek teu bebeunangan, ulah eureun diajar mun acan meunang pangarti
anu pasti, ulah riweuh teuing kaditu kadieu néangan pijodoeun, ulah waka
paciweuh mikiran (masa depan) kaharupna anu ngan dipikiran hungkul teu maké
rencana jeung upaya bari dibarengan ku du'a (do'a), da sagalana ogé aya
waktuna.
Mun diibaratkeun Drama mah, aya adegan dimana urang bakal
manggih kabungah, aya ogé adegan dimana urang kudu narima kasusah. Jeung kabéh
adegan éta téh geus ditangtukeun dina skénario iraha waktuna. Tah skenario éta
sebut wéh takdir. Takdir urang téh sabenerna mah geus aya, ngan pédah urang na
wé nu teu dibérényaho kahareupna kudu kumaha jadi wéh mun balik deui ka
skénario mah urang téh kudu aya improvisasi. Naha bet kudu aya improvisasi? Da
sabenerna mah skenario hirup jalma téh sarua kabéhanana ogé nyaéta keur "IBADAH" timimiti
milih agama nu bener nepi ka ngaji leuwih jero kana éta agama sangkan
paham eusi éta agama nu sabener-benerna. Tah didieu carita hiji jalma téh mun
euweuh improvisasi, nya kebéhanana wé sarua, kasarna mah mun jadi guru téh jadi
guru wé kabehanana, euweuh nu séjén. Ku improvisasi, carita tiap jalma jadi
baréda, aya anu jadi tukang dagang, aya anu jadi guru, aya anu jadi pejabat
jeung sajabana. Ku improvisasi ogé jadi aya bédana tukang dagang nu hiji jeung
nu séjéna, guru nu hiji jeung guru nu sejena. Tah jiga kieu wé lah sakilat
gambaranana mah.
Balik deui ka masalah waktu, jadi ulah sok hariwang kana nanaon
téh da sabenerna mah geus diatur waktuna iraha urang bakal kieu, iraha urang
bakal kitu NGAN "pédah urangna wé teu nyaho".
Jadi intina tong leupas ti niat ibadah wé hirup mah, keun wé
pasrah jeung sabar tur tarimakeun naon anu geus dipaparinan tur diguratkeun ku
Gusti Alloh ka urang. Mun bisa mah kudu syukur urang masih kénéh dibéré nikmat
sagala rupa ku Gusti Alloh. Lobakeun wé sodaqoh, mantuan batur anu bantuaneun,
ulah boga prasangka goréng ka batur utama na mun batur meunang kasenang.
Usahakeun wé nyonto ka Jungjungan urang nabi Muhammad SAW samampuna sabisana
sabisa-bisa urang.
Sakali deui hapunten bilih aya kecap anu teu merenah tur nyentug
kana manah.
Mugi catetan ieu janten barokah kanggo nu maos atanapi ka nu
nyebarkeunana.
AMIN
:)
Komentar
Posting Komentar