Mapatahan Manéh


Sateuacana hapunten bilih kecap nu dianggo teu merenah, da abdi rumaos sanés sastrawan anu tiasa ngadamel kecap-kecap anu saé tur gampil diaos.

Kieu nya, sagala ogé aya waktuna, moal gering hiji jalma lamun acan nepi kana waktuna sakumaha manéhna usaha hayang gering ogé moal dibéré. Aya waktuna hiji jalma kudu capé, aya waktuna hiji jalma kudu ngarasakeun beuratna merjuangkeun hirupna. Aya waktuna jalma kari ngasaan sagala kanikmatan anu geus diusahakeunana. Ulah rungsing keur teu boga duit, ulah hariwang usaha geus satakerkebek teu bebeunangan, ulah eureun diajar mun acan meunang pangarti anu pasti, ulah riweuh teuing kaditu kadieu néangan pijodoeun, ulah waka paciweuh mikiran (masa depan) kaharupna anu ngan dipikiran hungkul teu maké rencana jeung upaya bari dibarengan ku du'a (do'a), da sagalana ogé aya waktuna.
Mun diibaratkeun Drama mah, aya adegan dimana urang bakal manggih kabungah, aya ogé adegan dimana urang kudu narima kasusah. Jeung kabéh adegan éta téh geus ditangtukeun dina skénario iraha waktuna. Tah skenario éta sebut wéh takdir. Takdir urang téh sabenerna mah geus aya, ngan pédah urang na wé nu teu dibérényaho kahareupna kudu kumaha jadi wéh mun balik deui ka skénario mah urang téh kudu aya improvisasi. Naha bet kudu aya improvisasi? Da sabenerna mah skenario hirup jalma téh sarua kabéhanana ogé nyaéta keur "IBADAH" timimiti milih agama nu bener nepi ka ngaji leuwih jero kana éta agama sangkan paham eusi éta agama nu sabener-benerna. Tah didieu carita hiji jalma téh mun euweuh improvisasi, nya kebéhanana wé sarua, kasarna mah mun jadi guru téh jadi guru wé kabehanana, euweuh nu séjén. Ku improvisasi, carita tiap jalma jadi baréda, aya anu jadi tukang dagang, aya anu jadi guru, aya anu jadi pejabat jeung sajabana. Ku improvisasi ogé jadi aya bédana tukang dagang nu hiji jeung nu séjéna, guru nu hiji jeung guru nu sejena. Tah jiga kieu wé lah sakilat gambaranana mah.
Balik deui ka masalah waktu, jadi ulah sok hariwang kana nanaon téh da sabenerna mah geus diatur waktuna iraha urang bakal kieu, iraha urang bakal kitu NGAN "pédah urangna wé teu nyaho".
Jadi intina tong leupas ti niat ibadah wé hirup mah, keun wé pasrah jeung sabar tur tarimakeun naon anu geus dipaparinan tur diguratkeun ku Gusti Alloh ka urang. Mun bisa mah kudu syukur urang masih kénéh dibéré nikmat sagala rupa ku Gusti Alloh. Lobakeun wé sodaqoh, mantuan batur anu bantuaneun, ulah boga prasangka goréng ka batur utama na mun batur meunang kasenang. Usahakeun wé nyonto ka Jungjungan urang nabi Muhammad SAW samampuna sabisana sabisa-bisa urang. 

Sakali deui hapunten bilih aya kecap anu teu merenah tur nyentug kana manah.

Mugi catetan ieu janten barokah kanggo nu maos atanapi ka nu nyebarkeunana.
AMIN
:)

Komentar